Saturday, January 25, 2014

SASTRA : GEMPUNGAN KI DALANG JEUNG BANGSA WAYANG


GEMPUNGAN KI DALANG JEUNG BANGSA WAYANG

(Milangkala nincak ka taun ka-4 Dewan Kesenian Galuh Ciamis | Kumaha nasibna?)

Ku : Gohex Oemar Bakrie



Kacaturkeun di lembur singkur jauh pangukur, … keur kumpul Ki Dalang jeung wayangna, ngaguar pakasaban hirup ngalalakon lakon hirup ngalalakonkeun carita lalakon alam pamayangan. Dina mangsa nu katalangsara, … ku kaayaan nu nyangsarakeun hirup merjoangkeun pangagung dina pengkuhna kabutuh kana kasajatian wayang anu ngoleser ngageser kana seleser. Geus puguh hirup walurat hese ngaronjatkeun duriat lantaran kaayaan dunya nu malarat. Sangkan kambuh lakon gawe, … meh unggal usik Ki Dalang ngulisik ngagisikkeun panon anu pinuh kikisik. Dur sa-salembur ear sa-kota, … Ki Dalang ngayakeun gempungan jeung baraya-baraya pangeusi kotakan wayang.

Ki Dalang     : “Duh, … kumaha yeuh kuring ngamimitian ieu gempungan, dulur-dulur sakabeh pangeusi alam pawayangan? Geuning, … laku lampah urang dina kaayaan dunya anu sakieu lemah tanpa daksa seudeung urang kudu terus nanjeurkeun lalakon anu jadi bagean tina pakasaban urang sakabeh. Lamun tea mah, … ieu pakasaban teu bisa diperjoangkeun ku urang sarerea, moal boa urang teu bisa manggung deui dina usaha urang ngalestarikeun hiji-hijina warisan luluhur ti alam pawayangan sangkan jadi conto bagi rahayat dunya”.
Yudistira       :  “Naha kudu kumaha kitu Ki Dalang, … pan kami mah bagean anu digerakkeun jeung diigelkeun ku leungeun Ki Dalang. Sok wae usahakeun naon anu bisa diusahakeun pikeun pangeusi kotakan wayang, … sangkan bisa nyuprih lampah anu hade tur jadi gawe”.
Ki Dalang     :  “Memang ari diudag kadinya mah, rumasa kuring teh anu ngigeulkeun sakabeh pangeusi kotakan wayang. Tapi dumasar kana sakral anu geus disusuhun ku kuring jeung para Dewa, dina kasanggupan kuring mintonkeun aranjeun sakabeh pangeusi kotakan, … yen para Dewa omat-omatan ulah rek kudu dijadikeun pakasaban hirup pikeun kuring jang ngajual lalakon wayang ka rahayat anu butuh ku conto lalakon kahirupan alam pawayangan … kusabab pangeusi kotakan teh nyaeta aranjeun sakabeh titisan ti para Dewa”.
Yudistira       :  “Terus nu jadi masalah na kumaha?”
Ki Dalang     :  “Nyaeta atuh, lamun kudu dibejakeun mah yen kuring geus beak dengkak, … paribasana jang nyunyuhun aranjeun sakabeh kukurilingan mapay-mapay lembur rahayat dunya teh, … kuring geus tunggul koredas ngajual sakabeh harta banda anu dipiboga ku kuring baheula. Tapi kaayeunakeun, … kulantaran pamenta rahayat dunya ka kuring dina mintonkeun lalakon alam pawayangan sakitu lobana, … meh unggal usik ti wetan, ti kulon, ti kaler, ti kidul … haying kapintonkeun lalakon anjeun sarerea, … nya kuring dina waktu ayeuna teh geus teu boga tanaga deui pikeun nyunyuhun aranjeun ku kareta kuda kusabab modalna geus tilar dunya”.
Arjuna          :  “Naha atuh geus kitu mah ulah papaksa Ki Dalang, … anteurkeun wae kuring sakabeh pangeusi kotak pikeun balik ka para Dewa tempat kuring jaga dipulasara”.
Ki Dalang     :  “Nya kitu Arjuna, … lain teu kapikir ku kuring ka palebah dinya. Kuring teh rumasa yen rahayat dunya masih keneh perlu ku conto-conto lalakon kahirupan aranjeun pangeusi kotakan, … utamana alam pawayangan anu pinuh ku kamulyaan hirup. Seudeung rahayat dunya dina waktu ayeuna, … bener-bener aya dina mangsa anu katalangsara, ku pamohalan alam dunya kiwari … geus teu matut ceuk ukuran dunya oge ukuran sawarga. Nah, … kuring teh lain teu boga pilampaheun pikeun memeres pasoalan anu jadi cukang lantaran mandegna tanaga nu dipiboga. Aya hiji cara, … anu bisa ku urang sarerea dipilampah, sangkan bisa merjoangkeun kumbuhna lalakon urang dina enggoning mere conto-conto hade ka rahayat dunya”.
Bima             :  “Ke … ke … ke, … ari kira-kira pikahartieun mah jeung matak mawa maslahat kana perjoangan urang balarea, … kira-kira naon cara anu bias dipigawe ku urang balarea, Ki Dalang?
Ki Dalang     :  “Nyaeta atuh, … kuring teh asa heurin ku letah. Ari dicaritakeun, sieun matak jadi katalangsara pikeun urang sarerea. Ari henteu, da kumaha nempo kaayaan rahayat dunya anu sakieu katalangsara dina kaayaan dunya anu sakieu ayana”.
Bima             :  “Lah, … caritakeun we Ki Dalang, da kuring balarea gen boga pangrasa. Kira-kira katalangsara mah ulah dirasa, … tapi sabalikna kira-kira mawa bagja mah hayu urang saba saparakanca”.
Ki Dalang     :  “Nya atuh, … ari kira-kira bisa dirarasa mah erek atuh ku kuring dicaritakeun ka aranjeun balarea. Kieu, … rumasa kuring teh geus teu wasa kusabab geus teu boga tanaga jang ngahirupkeun lalakon urang sarerea. Tapi, … aya jalma salian ti kuring anu bisa mere tanaga jeung rosa usahana kana merjoangkeun sangkan beresna dunya. Nu jadi masalah, … ieu jalma samemehna teu boga basa jeung para dewa. Sedeung, … para Dewa samemehna ngan ngabasakeun kapercayaanna ka kuring pikeun ngajalankeun tekad pamohalan ngalalakonkeun conto kahirupan alam pawayangan ku lalakon aranjeun sarerea”.
Yudistira       :  “Ke, Ki Dalang … Saha rupa eta jalma anu boga tanaga jeung rosa usahana pikeun ngahirupan lalakon urang balarea?”
Ki Dalang     :  “Ki Lurah, … pamingpin manusa”.

Saharitaeun, … cep jempe sakabeh wayang pangeusi kotak, teu beda jeung Ki Dalang anu ngarumas dina hatena rasa hanjakal nu taya papadana, … kulantaran manehna tas balaka saha jalma anu dipihareup ku manehna bisa dijadikeun tanggelan keur ngarojong kana pamohalan dirina dina enggoning memeres masalah dunya nu keur disusuhun ku dirina.
Yudistira surti kana kaayaan nu lumangsung dina waktu harita. Sabari memeres raksukanna, reg nangtung ngalengkahkeun sampean na muru kotakan wayang nu aya di juru kareta kuda.

Yudistira       :  “Wa … Wa … Wa Semar Badranaya, … cik punten kadieu heula ulah nyumput wae dina kotakan, … kuring butuh ku Uwa”.
                    
Semar Badranaya kaluar tina kotakan wayang dituturkeun ku  Si Cepot, Si Dawala, jeung Si Udel. Solongkrong, … Semar jeung jeung barudakna nyembah ngadeuheus ka Yudistira anu tos calik deui di lebet kalang gempungan.

Semar           :  “Aya pikersaeun naon Aden, … rumaos Uwa teh kajongjonan kulem dina kotakan patindih-tindih jeung barudak”.
Si Cepot        :  “Heueuh, … aya naon deui atuh Agan Yudi the ngagegero urang, … padalah kuring the keur ngeunah-ngeunah sare di jero kotakan pagegeye jeung Srikandi. Anjir, … mangkaning uing saumur-umur kakara ngalaman sare bareng jeung Srikandi, … bari kelek kuring pas nampeu pisan kana raray Srikandi”.
                        (Harewos Si Cepot ka Si Udel gigireun na)
Si Udel          :  “Ah, … ari Si Aka mah! Cicing jempe, … lain kupingkeun tuh Bapa keur cumarios ngadeuheus ka Agan Yudi”.
                        (Tembal Si Udel ngingetkeun lanceukna bari semu seuri)
Yudistira       :  “Kurig teh perlu pisan pandangan Uwa, … ngeunaan hiji perkara anu ayeuna ku dulur-dulur kuring di dieu jeung Ki Dalang nuju dibadamikeun dina acara rempugan ieu. Ki Dalang, … ti payun tas ngebrehkeun katunggara dirina kana kaayaan nu sakieu balukarna jang nyumponan hirup kumbuhna igel lakon urang di dunya, … salaku duta jang ngebrehkeun conto-conto kahirupan alam pawayangan sangkan kaayaan manusa di dunya bisa beres repeh rapih sakumaha nu dipiharep ku Ki Dalang salaku umat manusa. Ti sagedengeun eta, … dina mangsa Ki Dalang geus teu bisa deui ngusahakeun tanaga jang ngahirupan lakon urang pangeusi alam pawayangan, … Ki Dalang nyodorkeun Ki Lurah pamingpin manusa anu baris mere tanaga sangkan naon anu keur dipilampah ku urang jeung Ki Dalang bisa terus jalan pisakumaha anu biasa ku urang dilakonan ku carana kukurilingan entreup di hiji lembur ka lembur lainna. Tapi masalahna Uwa, … sugan pandangan Uwa, … kira-kira moal jadi matak lamun Ki Lurah pamingpin manusa mere tanaga ka urang sarerea pikeun milampah eta pagawean, seudeung para Dewa ti heula paheut janjina ukur ka Ki Dalang?”
Semar           :  “Eleuh … eleuh Agan, … ke punten, dupi Agan manawi kagungan pamadegan nyalira ngeunaan eta perkara?”
Yudistira       :  “Nya pandangan kuring mah Uwa, … dumeh urang balarea salila ieu geus diragragkeun ka dunya ku para Dewa kana kotakan wayang nu dipiboga ku Ki Dalang, … nu samemehna kuring sorangan gen teu apal naon niat patekadan para Dewa sangkan urang hirup pagigilisik dina kotakan nu sakieu heurin na, diusung-usung … diigel-igel … dipintonkeun lakon urang ka rahayat dunya. Kiwari, … kuring manggih kasadaran yen teu sapira-pira para Dewa ngaragragkeun urang balarea, … sangkan urang nyuprih lampah kahadean jang jadi conto alus ka umat manusa pikeun urang mawa amal kahadean anu jadi beukel urang balik ka sawarga, … jadi wayang anu paripurna”.
Semar           :  “Tah … tah … tah, … eta pisan Agan. Naon anu janten pamadegan Agan ngeunaan perkara eta, … eta pisan anu jadi pandangan para Dewa dina mutuskeun perkara pikeun urang sadayana. Titah Agan … eta pisan anu janten titah para Dewa, … sabab Agan kedah yakin jeung sadar yen Agan the titisan ti para Dewa. Ti sagedengeun eta, … Uwa gen atuh Agan, … da tos betah hirup ragrag di dunya teh, … malihan Uwa the pendak jodo na sareng gaduh budak Uwa Si Cepot, Si Dawala, Si Udel … masing oge maranehna garagal, tetep nya alatan ku diragragkeun ka dunya diigelkeun ku Ki Dalang”.
Si Cepot        :  “Euh ari Si Bapa, … abong kena meunang jodo di dunya, … puguh teu payu di sawarga, matak dijodokeun ku Ki Dalang ge da karunyaeun, … jadi we uing nu nanggung goreng na patutna. Coba mun Bapa kawin di sawarga jeung widadari, … meureun uing teu goring patut caran kieu. Nya, … sakurang-kurangna atuh caran Agan Arjuna kakasepna, … sanes kitu Agan?”
                        (Bari ngareret ka Arjuna)
Arjuna          :  “Gandeng siah Cepot, … lain mangsana heureuy”.
                        “Ke … ke …, punten Uwa Semar, kuring asa teu panuju lamun kitu carana mah. Pikeun kuring, … Ki Lurah teh bangsa deungeun nu teu apal kumaha carana ngarumas lalakon wayang, … beda jeung Ki Dalang. Ku kituna, … boh bisi salah ancrub jeung aya itikad atawa patekadan lain nu teu sapagodos jeung lalakon urang, … asa moal kitu ngabahayakeun kana kasajatian lalakon anu ku urang keur dipilampah ieu?”
Semar           :  “Nya upami pandangan Uwa mah … teu aya lepatna, Kasep! Namung, saupami memang hal ieu tiasa ngajantenkeun pacengkadan, … kumaha upami hal  ieu diputuskeun ku sadayana ku cara nangtukeun sikep masing-masing?”
Bima             :  “Heeuh … heeuh, alus kitu … kuring panju ku cara Uwa. Sikep kuring sorangan, … kuring sapagodos jeung naon anu diutarakeun ku Akang Yudistira”.
Yudistira       :  “Kumaha atuh Ayi Nakula jeung Sadewa, pamadegan sareng sikep hidep masing-masing? … Dikupingkeun the asa teu acan nyarios ti tatadi”.
Nakula          :  “Abdi mah panginten, … ngiring wae kana pamadegan Akang, … mana kitu gen panginten Sadewa sapamadegan sareng abdi, sanes kitu Lur?”
Sadewa         :  “Nya leres pisan”.
Yudistira       :  “Tah atuh ari kitu mah tos pada-pada nembongkeun sikep pamadegan masing-masing, … tinggal urang ngalaksanakeun sing soson-soson ulah aya gantar kakaitan anu matak ngaruksak lampah laku urang ka hareupna, … boh bisi ku hal eta bisa ngaleungitkeun itikad hade urang balarea anu baris matak jadi ngagugurkeun amal kahadean urang jaga balik ka sawarga”.
                        “Ka Ayi Arjuna, … sok bilih masih keneh jadi hahalang kana pamadegan Ayi dina enggoning lumampah ngalalakon bareng jeung Ki Lurah pamingpin manusa, … Akang percaya ka Ayi, wios atuh Ayi mah sareng Garwa samentawis ieu mah lebet heula kana kotakan wayang sajeroning akang jeung dulur nu lain mintonkeun lalakon alam pawayangan, … da carita mah bisa diatur ku Ki Dalang, … lain kitu Ki Dalang?”
Ki Dalang     :  “Leres pisan, … abdi panuju. Ngan et amah sing pada-pada percanten we antawis aranjeun nu baris ngalakonkeun alam pawayangan sareng kuring anu baris ngatur lakon di pengkeureun panggung. Mudah-mudahan wae naon anu dipihareup pikeun alam sawargi sareng kaberesan di dunya, … tiasa ngawujud dina kerjasama anu sae sareng silih percaya antawis urang sadayana”.
Semar           :  “Ke atuh, … manawi saha nu baris ngadeuheus ka Ki Lurah pamingpin manusa?”
Yudistira       :  “Wios atuh Ki Dalang nyalira, … abdi percaya ka anjeunna”.
Ki Dalang     :  “Nya panginten ari sadayana to mufakat mah, ayeuna keneh pribados rek ngadeuheus ka Ki Lurah pamingpin manusa”.
Si Cepot        :  “Ke … ke … ke heula Ki Dalang, … cikan pangmentakeun gedong wayang we atuh sakalian ka Ki Lurah teh!”
Semar           :  “Alah, … nanaonan sia teh Cepot, rea pamenta pisan atuh”.
Cepot            :  “Eh, … lain kitu Bapa. Tah ieu … ieu kolot nu teu wijaksana teh. Lain sok karasa boh ku Bapa atawa ku urang-urang yen hirup dina jero kotakan the sakitu heurin ku tangtung?  Pagulisik teu pikabeutaheun. Coba we emutan ku Bapa, … uing mah sok mangkarunyakeun lamun geus aya semah pangagung urang, boh Agan Batara Kresna atanapi nu lian na, … kedah ditempatkeun dina kotak nu sakitu heumpikna? Sok, emutan ku Bapa … kadang bujur Si Dawala mah da tara daek cicing sok matak teu sopan ka Batara Kresna dina ninggang mangsa dudupak kana siraheunnana, … uing nu sok matak era nu jadi lanceukna. Ongkoh eta Bapa gen, … naha teu ngarasakeun lamun aya kahayang jeung Ema?”
Semar           :  “Naha ngarasakeun naon siah, Cepot? Da aing mah teu boga rarasaan nanaon lamun jeung indung sia!”
Cepot            :  “Alah Si Bapa mah, … apan rajeun lamun sok kadatangan kahayang ngajieun barang nu sakieu goreng patut caran uing, … piraku Bapa kudu ngarangsek dina jero kotakan? Jeung deuih Bapa mah tara ngarasakeun kana rarasaan sakabeh pangeusi kotakan dina mangsa kaluar hiji pangadatan Bapa?”
Semar           :  “Na pangadatan naon kitu anu matak tagiwur sakabeh pangeusi kotakan the? Da rarasaan mah asa teu boga pangadatan anu teu galib jeung balarea”.
Si Cepot        :  “Alah, ari Semar Mendem?! … Bapa mah tara ngarasa, … yeuh kuring nu sok ngarasa mah. Sakakpeung sok isin ku Agan Yudi sareng saparakanca, … jeung nu ripuh pisan mah ku Si Udel … da si eta mah sok tara tahan kana babauan. Lamun Bapa hitut teh, tara sakara-kara si eta mah sok pingsan! Atuh kuring anu kudu nguruskeun mere napas buatan ka manehna”.
Yudistira       :  “Ke … ke … ke Cepot, naha lamun urang menta dipangjieunkeun gedong wayang apa teu matak engkena rahayat manusa moal rea anu ngalalajoan lalakon pawayangan urang?”
Si Cepot        :  “Atuh manawi dipercanten mah Agan, … da pintonan rahayat teh sanes saukur lakon wayang urang wae”.
Yudistira       :  “Naha bisa kitu?”
Si Cepot        :  “Aduh, punten sateuacan na Agan … nya wirehna upami Agan sareng nu sanesna mah dina waktos teu manggung sok kalan waktos teh dianggo latihan dialoh sareng istirahat dina lebet kotakan, … da abdi mah sok rajeun turun susulumputan tina kotakan teras sok ngahagalkeun jalan-jalan muru patempatan manusa wirehna sok panasaran salami ieu diemutan ku abdi yen naha ari bangsa urang sok dilalajoanan ku papada manusa, seudeng ari urang sorangan teu bisa ngalalajoanan bangsa manusa”.
Yudistira       :  “Kumaha atuh sapamanggih maneh Cepot ngeunaan tongtonan manusa salian ti lakon wayang nu sering dipintonkeun ku urang ka bangsana manusa?”
Si Cepot        :  “Ih Agan, … mani sok kataji sareng sok hoyong seuri pribados mah ku tongtonan manusa the. Di patempatan manusa nu disebut rohangan imah, sok aya kalana manusa lalajo televise. Nu ieu mah tara didalangan sapertos urang-urang. Aya sababaraha paguyuban anu mintonkeun acarana teh, diantawisna aya RCTI, SCTV, TPI, INDOSIAR, ANTV sareng seeur nu sanesna. Nu aneh mah tongtonan sarupaning lalakon urang the sok kalana aya dipintonkeun ku hiji paguyuban anu namina TVRI Bandung. Ari dalang na teh tos kakoncara, … upami teu lepat mah wastana Asep Sunandar Sunarya. Jeung deui pribados mah sok hoyong seuri upami ningali pribados nyalira diigelkeun ku Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya, dina tongtonan eta pribados sok dipintonkeun kawenginakeun. Jeung dina ninggang pribados kabagean manggung, sok rajeun nu nongton teh ngadak-ngadak minuhan … teras we pada-pada gumujeng nyengseurikeun pribados. Tos we dina tongtonan wayang nu dipintonkeun ku Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya mah kuring teh kaetang primadona na wayang, da saur bangsana manus amah … wayang teh moal aya nu nonton lamun teu aya Si Cepot. Naha atuh nincak di dieu mah, kuring teh diigelkeun ku Ki Dalang ngan saukur nutur-nutur bujur Bapa Semar … jadina di dieu mah kuring teh lain primadona wayang na”.
Yudistira       :  “Baruk kitu nya Cepot. Cik naon deui tongtonan manusa salain ti nu disebutkeun ku maneh tadi? Naon tadi the pipi … pipi kitu kadengena?”
Si Cepot        :  “Televisi, Agan! … Aya deui salian ti televisi teh anu disebatna VCD sareng DVD. Tah et amah sok mintonkeun lakon-lakon kahirupan manusa sapertos anu sering dilakonkeun ku papada urang sadayana. Nu paling resep kanggo pribados mah, … lamun nincak di wanci tengah peuting sok rajeun manusa nyetel pintonan anu sering dilakonkeun ku Bapa Semar jeung Ema dina mangsa aya kahoyong ngadamel rupa sapertos kuring”.
Semar           :  “Dalah eta Si Cepot, … naha sia teh terus neteuli wae ka Bapa maneh sorangan? Ngan hayoh we dicaritakeun hal nu teu patut dicaritakeun ngeunaan indung bapa maneh sorangan!”
Si Cepot        :  “Hampura we Bapa, da kuring mah can pernah kumalaku saperti nu ku Bapa jeung Ema dilakonan, iwal ti nyobaan di puser kota anu disebut alun-alun … bari jeung kudu mayar eta gen”.
Si Dawala     :  “Aduh Si Aka, mani teu ngajak-ngajak ka kuring, … engke mah mun rek nyobaan deui kadinya, … kade kuring ajakan!”
Si Cepot        :  “Heeuh, gandeng! … keun heula et amah”.
                        “Tah kitu Agan, … sapamendak pribados eta gedong anu disebat bioskop teh da raraosan mah tos tara dianggo kanggo mintonkeun felem. Saena mah, … disuhunkeun wae ku Ki Dalang ka Ki Lurah pamingpin manusa, sakantenan Ki Dalang baris ngadahup mah”.
Yudistira       :  “Oh, … baruk kitu nya Cepot. Jadi anjeun yakin yen lamun urang netep pikeun mintonkeun lalakon pawayangan dina eta patempatan, … bangsa manusa baris rea daratang lalajo lalakon urang pikeun mere conto ka maraneh na?”
Si Cepot        :  “Ah, … yakin mah heunteu Agan. Tapi nya atuh Agan, daripada urang kukurilingan wae … bari Ki Dalang ngamodalan teu sabaraha mah, mending keneh netep. Tos puguh aya mu masihan tempat jeung modal. Teras ti sagedengeun eta, … teu tangtos yen sadaya bangsa manusa tiasa robih alam pangadatan na ku nyonto lalakon urang bangsa wayang, margi rupi-rupi tongtonan nu ditonton ku manusa langkung-langkung seeur sareng langkung narik perhatosan pikeun bangsa manusa. Nya urang mah ihtiar we teras, Gan! Mudah-mudahan! Sajabi ti eta, … hal anu kedah dirobih tina tongtonan urang nyaeta kumaha carana supados tiasa langkung narik perhatosan bangsana manusa”.
Yudistira       :  “Kumaha atuh carana, Cepot?”
Si Cepot        :  “Nyaeta atuh Agan, … jantenkeun abdi primadona wayang sapertos pintonan anu digelar ku Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya. Ku hal eta, … wayahna Agan sing tiasa legawa dina waktosna kageser ku pribados dina mangsa pribados janten primadona wayang anu bakal narik seeur manusa kanggo lalajo lalakon pawayangan”.
Semar           :  ‘Deuleu eta Si Cepot, … eling sia teh Cepot! Sing sadar kana purwadaksi, … jeung sing sadar ari sia teh keur cumarios jeung saha?”
Yudistira       :  “Keun … keun, Wa. Mana kitu gen Si Cepot teh sugan geus asak elmu pangalana, da maneh n amah leuwih apal ngeunaan alam manusa tibatan urang-urang nu ngan saukur tilem na kotakan wayang salila ieu. Cing ceuk pamadegan Uwa sorangan kumaha?”
Semar           :  “Hapunten sateuacan na, Agan! Rumaos gaduh budak sakitu calakan na, tapi nya wirehna naon anu diobrolkeun ku Si Cepot teh tiasa kaharto kanggo Agan tur da butut-butut gen Si Cepot teh anak cikal pribados, nya naon pisan anu diobrolkeun ku Si Cepot, … eta pisan anu janten pamadegan Uwa ngeunaan perkara ieu”.
Si Cepot        :  “Tuh nya, … Si Bapa mah lamun uing dipuji teh ku Agan Yudi, … sok rajeun ngakukeun yen kuring budak Bapa, … teu inget waktu uing ngomong … alah etah hayoh nempasan wae”.
Yudistira       :  “Nya atuh ari geus kieu kaayaan na, … ladah dikumahakeun deui. Kuring baris netepkeun kawijaksanaan wawakil ti para Dewa, … yen urang sakabeh pangeusi alam pawayangan seja netep di dunya tug dugi keun ka alam dunya tilar taya tapakna. Sanes kitu, Uwa?”
Semar           :  “Sadaya-daya, Gan!”
Yudistira       :  “Tah ayeuna mah Ki Dalang, … jug geura ngadeheus ka Ki Lurah pamingpin manusa, jentrekeun pamaksudan urang balarea ka manehna. Ulah rek nguciwakeun urang bangsa wayang, lamun embung cilaka tumiba ka alam dunya”.
Ki Dalang     :  “Amit mundur kasadayana, atuh!”
Yudistira       :  “Ka Uwa Semar Badranaya, … kuring mere tugas sangkan Uwa neangan tempat jang patempatan bangsa urang hirup kumbuh di alam dunya, sakumaha nu geus dicontokeun ku bangsa manusa ku cara ngawangun bumi pangcalikan. Urang penta ka bangsana manusa, … keun pasrahkeun ka Ki Dalang ajang menta ka Ki Lurah pamingpin manusa. Buka usaha sakamampuhan urang bangsa wayang, pikeun bekel urang salila hirup di alam dunya. Ngaranan eta tempat ku ngaran “Kampung Wayang Tumaritis”.
Semar           :  “Sadaya-daya, Agan!”
Si Dawala     :  “Ka, apal teu kunaon Agan Yudi ngaranan eta patempatan ku ngaran Kampung Wayang Tumaritis?”
Si Cepot        :  “Ah, … ceuk kuring mah sederhana. Ari Tumaritis the ngandung harti patempatan nu tumaninah dina mangsana tiris. Hal ieu ngandung maksud, … yen dimana urang manggih tiris … kudu milampah naon anu dipigawe ku Bapa jeung Ema urang dina tempat anu tumaninah”.
Si Dawala     :  “Atuh ku ayana kampong mah, … urang-urang bisa kawin saperti bangsana manusa?”
Si Cepot        :  “Nya heueuh, … ari dina hiji hal anu eta mah bangsa wayang jeung bangsa manusa ngabogaan kahayang sarupa. Tinggal kumaha urang tarekahna, supaya bisa neangan pi-ema-eun urang ti bangsa manusa anu bener. Ulah kawas nu aya dina VCD, DVD, jeung di tengah-tengah alun-alun nu kudu mayar. Terus dina enggoning ngawangun kampong, kudu dibarengan jeung usaha anu nyata supaya bisa ngahirupan mekarna eta kampung … da lamun teu kitu mah, … kampung teh tinggal kampung!”
Si Dawala     :  “Ck … ck … ck, ari Si Aka lamun geus cumarios sok benten pisan sareng rarayna! Ke … ke, dupi Aka teh masih titisan ti para Dewa?”
Si Cepot        :  “Ah, … kumaha sia! Uing mah … Cepot anak Semar Badranaya”.

“Ka para seniman, budayawan, tur ka sakumna masyarakat Tatar Galuh Ciamis, hayu urang raketkeun barisan dina enggoning merjoangkeun ‘Gedung Kesenian Ciamis’, cikal bakal nanjeurna seni jeung budaya di Tatar Galuh Ciamis”

Ciamis, 31 Januari 2006
1 Muharram 1427 Hijriyah




No comments :

Post a Comment